Wednesday, February 29, 2012

Ngamumule

Ngarumat Budaya di Taman Budaya Jawa Barat

Teu kabayang kumaha jadina ieu kahurupan lamun manusa teu miwanoh naon nu disebut budaya. Bisa jadi sakumaha sato nu teu miwanoh konsep budaya, hubungan manusa jeung nulianna baris leuwih dikadalikeun ku prilaku instingtif. Akibatna naluri baris leuwih loba ngomong tibatan nuranina. Nu hiji ngakan nu lian sakadar pikeun manjangkeun hirup jeung lumangsungna katurunan, eta pisan laku lampah sato. Namung manusa diuntungkeun boga budaya, ngaliwatan budaya manusa miwanoh dirina, alam pikiranna, ekspresi estetikana, ngahormat etikana jeung tujuan hirup nalika ngajalin hubungan jeung samama oge lingkunganna.
Kukituna ngomongkeun budaya hartina ngmongkeun pihal manusa sorangan. Oge nalika madungdengkeun kakayaan budaya lokal Sunda, saenya keur mireungeuh manusa Sunda jeung sakabeh buah pikiranna, jiwana, jeung harepan-harepanna. Harti nu lian budaya ngarupakeun representasi (eunteung, gambaran) kapribadian bangsa. Bangsa nu teu apal jeung wanoh budayana tangtu baris kaleutan ajen diri jeung bangsana. Manehna baris kabawa caah jeung titeuleum di sagara budaya asing.
Pikeun eta hal, salaku urang sunda, salaku warga bangsa, ngagali jeung miwanoh budaya Tatar Sunda jeung niley-niley luhur nu aya dijerona baris nangtukeun kamekaran ajen tinajen kasundaan urang. Sumangat sabilulungan nu jadi salasahiji kakayaan budaya Sunda dipiwanoh kalayan palsapah silih asah, silih asih, silih asuh, sareudeuk saigel sabobot sapihanean. Silih simbeuh ku kadeudeuh, silih siram ku kanyaah. Urang Sunda teu menang pa aing-aing, hanteu oge pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian.
Eta niley-niley nu kasebut adiluhung teh geus samistina diterapkeun dina kahirupan sapopoe ku jalma nu ngaku urang Sunda. Sagedengun eta urang wajib ngawariskeun kalayan bener ka entragan anyar sahingga urang Sunda teu pareumeun obor, ulah nepi ka cul dog dog tinggal igel. Pikeun eta hal teh diperlukeun cara-cara nu jitu sangkan naon-naon nu dipiharep dina kamekaran budaya Sunda mangsa kiwari jeung nu baris kasorang teu sakadarna namung jadi pamatri diri nu sajati, ngahuripan hirup urang Sunda sapopoe.
Tanggung jawab pikeun ngamumule jeung ngamekarkeun budaya Sunda ( Jawa Barat) tangtuna aya dina leungeun urang Sunda sorangan salaku palaku budaya langsung jeung pamarentah daerah salaku pamangku kawijakan. Eta tanggung jawab teh ku pamarentah Propinsi Jawa Barat dikukuhkeun dina Paraturan Daerah Propinsi Jawa Barat Nomer 6 taun 2003.
Dina ngalasanakeun perda, Pamarentah Jawa Barat ngaliwatan Dinas Pariwisata jeung Budaya katangen aya ketakna sok sanajan acan atawa teu sakabehna budaya Sunda (Jawa Barat) karangkul kalayan dimumule jeung dimekarkeun hingga nanjeun di buana. Salasahiji tempat nu dimaneuhkeun pikeun ngarumat budaya diantana nyaeta Balai Pengelola taman Budaya Jawa Barat. Di eta tempat rupaning wangun budaya hususna kasenian loba dipagelarkeun.
Taun 2012, dina wanci sataun Taman Budaya baris magelarkeun sababaraha wangun pintonan kasenian nu kawengku dina Aneka Seni Pintonan Rayat. Diantarana; Rampak Dalang ti Pedepokan Seni Gending Tarumanagara Kota Bandung, Sandiwara Tarling ti Sanggar Sekar Pandan Kota Cirebon, Sintren ti Sanggar Sekar Laras Kabupaten Majalengka, Reog Dongkol (Calung Tumaritis) ti Sanggar Tumaritis Kota Banjar, Gong Sibolong ti Sanggar Sangkala Kota Depok, Dewi Sri “Ngancik Leuit“ ti Sanggar Kuta Laras Kabupaten Cianjur, Pakumpulan “Sastra” ti Kota Bandung, Wayang Landung ti Sanggar Wayang Sangkala Kabupaten Ciamis, Paku Jajar di Gunung Karang ti Sanggar Catrik Kota Sukabumi, Gelar Kampung Adat Cireundeu ti Kota Cimahi, jeung Bajidoran (Gending Jaipong) ti Sanggar Seni Layung Group Kabupaten Subang.
Segedengeun eta di Taman Budaya diayakeun oge palatihan teater, tari, karawitan, karajinan, penca silat kalayan bisa diluan ku singsaha bae jeung dievaluasi dina wangun pagelaran babarengan. Program nu lian diantarana ilubiung dina Temu Taman Budaya sa Indonesia, Pesona Budaya jeung Pekan Seni Budaya kalayan ngayakeun rupaning pameran jeung workshop.***Hermana

Tuesday, February 21, 2012

Tjimahi Festival 2012

Masarakat Perlu di Bina Pihal Pentingna Fesival Kota

Salaku kota nu kawilang anyar jeung mung tilu kacamatan, prestesi Cimahi di sagala widang kalayan ngarojong pangwangun kota/kabupaten di Jawa Barat hususna, di Indonesia umumna geus katembong. Sababaraha panghargaan ti pamarentah puser kacangking dina mangsa 10 taun ngadeg. Eta kota nu geus heurin ku tangtung teh kausup kota leutik camperenik kalayan satengahna kawengku ku pamukiman tentara jeung pabrik.
Alatan lahan tatanen Kota Cimahi mah mung saeutik, pikeun ngaronjatkeun indek prestasi masarakat, pamarentah kota mancegeun konsep misi jeung visina kalayan ngawangun industri kreatif (di luareun industri tekstil nu oplahna gede pisan). Dina nuju kamandirian, masarakat kota di dorong jeung rojong sangkan motekar dina sagala widang kalayan disaluyukeun jeung kakayaan nu dipibanda.
Pikeun nembongkeun, ngapromosikeun, jeung ngaevaluasi rupaning nu geus dilakukeun masarakat pihal industri kreatif, pamarentah Kota Cimahi teuweleh ngayakeun pameren hasil kamotekara masarakatna, boh dina laraga milangkala kota atawa dina wanci nu lian. Teu saeutik masarakat ngasilkeun olahan mangrupa kabutuhan hirup masarakat sorangan oge karya seni nu gede ajenna.
Sarupaning kagiatan pamaren pawangunan nu sok dilakukeun pamarentah kota, salaku masarakat nu mikacinta kana kamekaran kotana, salasahiji organisasi masarakat nu boga ngaran Anak Tjimahi (Atjim) ping 11-12/2/12 kamari ngayakeun Tjimahi Festival 2012 di hareupeun gedong DPRD Kota Cimahi. Eta festival nu poe kahiji dibuka ku Dandim Cimahi jeung peo kadua di buka ku Walikota Cimahi, Itoc Tochija teh di eusi ku pameran hasil komotekaran masarakat Kota Cimahi, lomba ngagambar barudak, jeung pagelaran seni ti sababaraha pakumpulan seni jeung sakola di Cimahi.
Kurang leuwih 50 puluh stan pameran jeung 35 pagelaran seni ngilu ngaramekeun kagiatan Tjimah Festival, namung salila dua poe festival katangen kurang gebyar jeung nyari. Poe kahiji, boh dina wanci bubuka oge sabadana mung euyeub ku para pangeusi acara. Masarakat katangen kurang respon kana kagiatan nu digelar, padahal eta festival teh kawilang festival gede, sahingga pakarangan DPRD Kota Cimahi (Pendopo) nu dijadikeun puser kagiatan katangen corengcang kunu ngadon nyakseni.
Nincak ka poe kadua kaayaan katangen ampir sarua jeung poe ka hiji. Karnaval nu mung dipiluan ku salapan pakumpulan kalayan dibuka ku Walikota Cimahi teu rame jeung kurang gereget. Karnaval dileupas ti pendopo Kota Cimahi, ngaliwat ka Jln. Jendral Amir Mahmud, belok ka Jln. Jendral Sudirman, Jln. Gedong Opat, Jln. Gandawijaya, terus asup deui ka Pendopo teu loba ngadatangkeun masarakat pikeun ngalalajoanan. Sagedengeun saeutik para pamilonno, kerval nu digelar oge teu ngangkat tema nu jelas kalayan teu ngalibatkeun masarakat satingkat karangtaruna, RW atawa kalurahan, jeung barudak sakola.
Kagiatan nu di gagas ku Atjim numutkeun walikota, Itoc Tocija sabenerna bisa nambah kakayaan komotekatan masarakat Kota Cimahi. Namung jadwal jeung temana kudu leuwih fokus. Contona dikaitkeun jeung milangkala Kota Cimahi atawa nu sejenna sahingga mampuh nyedot parhatian masarakat.
Mireungeuh festival nu digelar teh loba mintonkeun seni pop krestif, walikota miharep kagitan saterusna leuwih loba magelarkeun seni budaya lokal. Sagedengeun ngangkat seni tradisi nu salila ieu kurang kapalire kalayan optimal, kakayaan seni daerah nu dipibanda bisa kaangkat jeung meunang pangbagja nu hade. Sanajan kitu, eta kagiatan teh wajib diapresiasi kalayan dibebenah sagala kakurannganna sahingga dina wancin kahareup bisa asup kana kalender kagitan pariwisata di Kota Cimahi.
Sanajan eta festival teh kasebut kurang gebyar, numung gagasan Cimahi Festival nu digelar ku Atjim ngarupakeun gagasan hade kalayan perlu dirojong ka harepna, sahingga festval salawasna manjang jeung boga ciri nu mandiri sakumaha festival badag nu kungsi dilakukeun di Kota Bandung, Jakarta, Jogja, Jember atawa Kota-kota gede di Indonesia sejenna. Hiji hal nu penting dina ngayakeun kagiatan festival (lain harti lomba) nyaeta kagiatan lahir lain sakadar kahayang panata calagara (panitia) boh pamarentah oge swasta, numung medal alatan rasa kareueus, kasuka, jeung kahayang ilubiungna masarakat kalayan sapinuhna. Kukituna samemeh kagiatan festival digelan diharepkeun aya usaha pikeun ngajak, ngadorong atawa ngabina masarakat sahingga nimbulkeun rasa, yen festival teh penting diiluan jeung diramekeun babarengan.***Hermana