Wednesday, January 11, 2012

Lain Ukur Omongan jeung Konsep

Pamimpin Daerah Kudu Boga Visi jeung Misi Kabudayaan nu Jelas

Paribasa “jati kasilih ku junti” kiwari lain bobohongan, budaya Sunda nu sakitu linuhung geus ampir leungiteun pamorna dina kahirupan masarakat entagan anyar (generasi ngoro). Kahirupan sapopoe kololot jeung barudak di Jawa Barat geus loba nu teu nyunda. Boro-boro miwanoh falsapah kasundaan, naon ari Sunda, kumaha tata laku urang Sunda, kumaha konsep hirup urang Sunda jeung rea-rea deui, miwanoh basa Sunda nu sok diajarkeun di sakola-sakola dasar oge teu jadi kabutuhan nu poko, teu dipetakan jadi basa sapopoe kahirupan maranehna, utamana di masarakat perkotaan.
Lamun nilik ka baheula, naon sababna seni Tayub (tari Keurseus) kawilang dipiwanoh kalayan hade ku masarakat tatar sunda, hususna para menak. Salian seni jadi batur kahurupan maranehna, para menak nu ngajabat di pamarentahan mangsa harita ngarasa butuh jeung wajib diajar ngawasa tari Tayub pikeun pagaulan maranehna. Sahingga saban wanci dipendopo-pendopo milik pamarentah teuweleh rame ku latihan jeung pintonan tayuban. Kasenian jadi hirup lantaran gegedenna langsung ilubiung ngahirupkeun oge.
Mangsa kiwari kagitan siga Tayuban geus teu manggihan deui, para gegeden nu diuk di kapamarentah geus teu daek ngalakukeun kagiatan sarupa kitu. Maranehna siga nu teu boga waktu pikeun ngalakukeunna atawa maranehna teu paham kana seni Senda, atawa teu paduli kana kamekaran seni Sunda, atawa ngarasa teu boga gengsi lamun ngokolakeun seni Sunda, teuing kuma sabenerna eusi pamikiranna.
Mangsa kiwari budaya Sunda teu jadi cecepangan nu sajati. Kalolobaanna budaya Sunda mung dijadikeun alat pikeun ngagedekeun diri para pajabat pamarentah sorangan. Kagiatan-kagitan nu di gelar maranehnna mung mangpaat pikeun saharitaeun, kariaan siga dinu hajat nyunatan atawa kawinan. Sabada beres kariaan, pintonan kasenian teu neundeun tapak nu hade kalayan ngawangun jiwa-jiwa nu ngabudaya, boh pikeun nu hajat, nu lalajo, malah pangeusi acara (grup kasenian nu diundang) lantaran nu diteang maranehna mah leuwih beurat kana duit. Sugema mung saharita, isuk atawa pageto kuma behna ngarupakeun sikep nu ngabahayakeun, boh pikeun kahirupan oge pikeun kamekaran budaya urang.
Naha sikeup jiga kitu teh bener-bener nyangkaruk dina pikiran jeung hate para pajabat di urang (Jawa Barat)? Lamun ditilik memang teu kitu-kitu teuing. Sabernerna loba gegeden nu ngarti, namung nalika prak-prakanna sok poho kana wiwitan. Poho yen tugas pamimpin teh kudu boga visi jeung misi nu jelas kalayan salain ukur konsep jeung omongan, namung dipraktekeun pikeun kasejahteraan jeung kamakmuran rahayat dina waktu nu panjang. Sahingga nyieun kawijakan jeung pagaweanna mangpaat, oge kapetik hasilna jeung kaala buahna lain keur soranganeun, lain keur saharitaeun, namung manjang jeung kaasaan amisna ku jalma loba.
Hiji pasolan nu hanet keneh dipadungdengkeun di sababaraha koran di Bandung jeung facebook nyaeta aya hiji pinton drama musikal kalayan ngangkat carita lokal Jawa Barat, pajarkeun meakeun waragad nepi ka 5 miliar. Sabenerna rek meakeun waragad leuwih ti sakutu oge pikeun hiji garapan kasenian teu jadi pasoalan, sok komo eta waragad teh teu ngagunakeun APBD atawa duit rahayat. Tangtuna urang reueus pisan aya hiji pamimpin daerah boga gagasan nyieun hiji karya seni nu teu ngagunakeun waragad ti nagara. Numung nu jadi pasoalan, umumna kasenian daerah jeung kasenian sarupaning teater di urang nepi kadangeut ieu loba pisan nu engkak-engkakan kakurangan waragad pikeun ngayakeun hiji pagelaran.
Di dunya hiburan jeung dunya bisnis duit 5 miliar meureun kaitung teu sabaraha. Namung lamun eta ideu garapan kalayan meakeun waragad sakitu gedena kaluar ti saurang pamimpin hiji daerah katangenna asa kurang payus. Sakumaha disebutkeun di luhur yen pamimpin teh kudu boga visi jeung misi nu jelas, dina hal ngamekarekeun kasenian oge kudu boga strategi kabudayaan nu bener. Diantarana ngayakeun hiji kagitan kasenian kudu boga pamikiran nao bae nu dijieun teh gede mangpaatna pikeun masarakat nu loba, lain sagolongan atawa hiji pakumpulan. Mangpaatna oge lain pikeun sakali kagitan, namung ngawangun khasanah budaya masarakat nu manjang sahingga mampuh ngawangun karakter jeung kasenian nu hade. Numutkeun pamikiran jalma awam kalayan boga tujuan ngawangun kabudayaan nu jelas, duit 5 miliar tangtuna bisa dimangpaatkeun ku 100 grup teater atawa nu sejen pikeun sarutus pintonan. Kabayang lamun aya 100 pintonan teater atawa seni nu lian, di pagelarkeun saminggu hiji hartina eta kagitan baris manjang salila 2 taun. Apresitor paling hanteu bisa maca peta teater Jawa Barat Sali dua taun. Komo lamun mung bisa diserep 50 grup teater atawa seni nu lian kalayan waragad Rp. 50.000.000 saban grup/ pagelaran tangtu eta grup bisa minton dua kali salila 2 taun kalayan kualitas nu kawilang hade.
Ideu ngayakeun kagiatan kasenian komo bari jeung boga niat nu mulya ngangkat carita rayat nu mekar di Jawa Barat perlu diacungan jempol. Nandakeun yen nu ngagagas boga rasa kareueus jeung kanyaah kana kamekaran budaya sorangan. Namung dina numplekeun eta rasa kayaah teh sakapeng mah kurang itungan. Saking sumanget, sagalana langsung ditumpekeun kana hiji kagitan seni sahingga eta hal teh nimbulkeun katimuruan pikeun nu lian.
Aya pananyaan, naha bet timuru? Lamun di basakeun mah, kuring nu boga ideu, kuring nu tisusut tidungdung neangan duit pibiayaeunna, kuring teu ngagunakeun APBD, jeung rea-rea deui. Tangtu saliwatan mah eta pandangan teh bener. Komo lamun nu nyaritana pikah swasta atawa hiji badan usaha bener pisan. Namung eta gagasan teh kaluar ti saurang pejabat pamarentah tangtuna kudu asak-asak nya ngejo bisi tutung tambagana, hartina naon nu rek dipilampah kudu dipikiran kayan hade. Pajabat pamarentah dimana jeung kamana wae dina taktakna geus jadi kawajiban mamanggul amanat rahayat. Lamun arek ngayakeun sagala rupa kagitan, hususnya kasenian tangtu kudu ngitung rasa kaadilan, mireungeuh ka sagigireun, ka hareupeun jeung tukangeun. Gening kamekaran seni urang teh kieu, kudu dikumahakeun nya? Pikeun pajabat nagara nu paham kana pasoalan sigana moal getas harupateun, moal barang jeun kagitan seni nu sakadar rame kalayan mangpaata saharitaeun. Pajabat baris kapenteun hade pihal ngamumule jeung ngemekarkeun kasenian lamun dina prak-prakanna paham pihal strategi kabudayaan nu bener-bener baris ngangkat ajen tinajen hiji daerah jeung bangsana. Diantarana kudu boga pandangan yen kasenian lokal lain sakadar hiburan, seni teh mangrupa elmu pangaweruh, seni teh mangrupa alat pangwangunan karakter, jeung mangpaatna bisa dirasakeun ku balarea (lain pihal materi) sahingga pamor daerah jeung bangsana ka ambeu hade di alam kasajagatan.
Ajip Rasidi jeung Chaedar Alwasilah dina Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) ka 2 di Gedong Merdeka Bandung nyebutkeun, yen sabab musabab pamor jeung ketak budaya Sunda nyirorot kahandap, oge alatan pajabat birokrasi di urang tuna budaya. Salasajiji conto kawijakan nu teu boga strategi kabudayaan nu jelas nyaeta teu mirenguh kaayaan sabudereun. Sawah-sawah nu asalana lahan tatanen rahayat, dirorojok sangkan dijual pikeun dijadikeun pabrik. Sabada pabrik ngadeg, lahan tatanen ilang, sahingga budaya tatanen nu di jerona aya rupaning kasenian kalayan sok dipangelarkeun geus teu dilakonan deui. Katambah nu gawe di parbrik siga di Rancaekek Kab. Bandung teu ngangamangpatkeun urang Sunda (rahayat sabudeureunna), namung ngadatangkeun pagawe ti luar Jawa Barat, rek mekar kalayan hade kuma basa Sunda lamun di eta wewengkon kalolobaanna urang wetan.***(Dimuat di Tabloid Sundaurang/Grup Radar)